MA Ngabolaykeun Suket SMA Gibran, Mahfud Pasrahkeun Kalajengan Jabatan Wapres ka Kaputusan Politik
Mahkamah Agung (MA) sacara resmi nyatakeun Surat Katerangan (Suket) Penyetaraan Pendidikan SMA luar negeri milik Wakil Presiden Gibran Rakabuming Raka henteu sah jeung batal demi hukum. Putusan kasasi kalawan nomer register 742 K/TUN/2026 anu diajukeun ku pemohon HM Subhan dikabulkeun sagemblengna ku majelis hakim MA. MA ogé maréntahkeun sangkan suket penyetaraan anu dikawasa ku pihak termohon ditarik jeung dimusnahkeun.
Mantan Menkopolhukam Mahfud MD masrahkeun kalajengan jabatan wakil presiden ka kaputusan politik di DPR, sabab panghentian hiji wapres anu geus dilantik teu bisa dilakukeun sacara otomatis dumasar kana putusan MA. Anjeunna nekenkeun perluna prosés pidana ka oknum pajabat di KPU jeung Kemendikbud anu ngaluarkeun jeung ngalolokeun dokumén anu dianggap cacad hukum, sabab disangka ngandung pemalsuan data atawa nyalahgunakeun wewenang.
Mahfud ngadesek sangkan KPU jeung Ditjen Dikdasmen geura dipariksa patali jeung ngaluarkeun suket jeung disangka nyulundupkeun pasal 18 ayat (3).
https://www.gelora.co/2026/10/
Ieu lain ngan ngeunaan Gibran, tapi ngeunaan integritas prosés pemilu urang. Lamun dokumén waé bisa palsu, naha deuih nu séjén? Kudu diusud tuntas jeung masarakat ulah dibobodo terus.